Khutbah Idul Adha 1442 H

HUSNUDZAN KANA PARENTAH AGAMA

(Kaguar dina momentum Idul Adha mangsa sasalad Covid Salapanwelas)

H. A. Rusdiana

اَللهُ اَكْبَرُ ٩x اَللهُ اَكْبَرُ كَبِيرًا وَالْحَمدُ للهِ كَثِيرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَاَصِيلاً. لاَاِلٰهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَرُ اَللهُ اَكْبَرُ وَلِلّٰهِ الْحَمْدُ اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ اَنْعَمَ عَلَيْنَا بِنِعَمِهِ الَّتِى لاَ تُعَدُّ وَلاَ تُحْصٰى . لَهُ مُلْكُ السَّمَوَاتِ وَاْلاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا وَمَا تَحْتَ الثَّرٰى. اَشْهَدُ اَنْ لآاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ تَوْحِيْدًا مُتْقَنًا. نَقْتَنِيْهِ لِيَوْمِ الْفَاقَةِ وَاِنَّهُ لَنِعْمَ الْمُقْتَنَى مُتَظَاهِرًا عَلَيْهِ الْجِنَانُ وَاللِّسَانُ سِرًّا وَعَلَنًا. وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَفْضَلُ مَنْ صَلَّى وَنَحَرَ. وَحَجَّ وَاعْتَمَرَ. وَوَقَفَا بِعَرَفَةَ وَالْمَعْشَرَ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ اَذْهَبَ اللهُ عَنْهُمُ الرِّجْسَ وَطَهَّرَ . لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ وَاللهُ اَكْبَرُ . اَللهُ اَكْبَرُ وَلِلّهَ الْحَمْدُ
اَمَّا بَعْدُ: فَيَااَ يُّهَا النَّاسِ!! اِتَّقُوااللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
قَالَ اللهُ تَعَالىٰ فِيْ كِتَابِهِ الْكَرِيْمِ : اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ. بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ. اِنَّااَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ. اِنَّ شَانِئَكَ هُوَ اْلاَبْتَرُ

Hadirin sidang Idul Adha anu mulya

Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka hadrat Dzat Allah nu Maha Robbul Ghofur, anu masih keneh maparinan kasempatan ka urang sadayana pikeun ngalaksanakeun parentah-Na. Mugia urang sadayana dipaparinan kaistiqomahan dina taat ka Dzat anu nampi tobat. Shalawat miwah salam mugia dicurahlimpahkeun ka jungjungan urang sadayana, habibana wa Nabiyyana Muhammad SAW anu pangnyongcolangna sa alam marcapada, ka kulawargina tur para sohabatna oge urang salaku umatna mugia saterasna aya dina rohmat sareng magfiroh Alloh SWT.

 

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ

Hadirin sidang idul adha anu mulya

Dina raraga khutbah idul adha ieu Khotib wasiat ka diri pribadi sareng ka sadayana kaum muslimin wal muslimat supados Taqwa ka Alloh SWT. Kalawan taqwa anu saleres-leresna:

اِمْتِثَالُ اَوَامِرِ اللهِ وَاجْتِنَابُ نَوَاهِيْهِ

“Ngalaksanakeun sadaya parentahna nebihan kana sadaya laranganna.”

Kahiji; Saba’dana ngalaksanakeun shalat sunat idul adha dugi ka surup panon poe tanggal 13 Dzulhijjah, disunatkeun meuncit hewan kurban anu dagingna dibagikeun utamina ka fakir miskin.  Alloh Ta’ala ngadawuh dina QS Al Kautsar,

:

اِنَّااَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَرَ. فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ. اِنَّ شَانِئَكَ هُوَ اْلاَبْتَرُ

“Saestuna Kami geus maparin ni’mat anu kacida lobana ka anjeun. Ku sabab eta anjeun kudu solat jeung kudu kurban karana Pangeran anjeun. Saestuna nu ngewa ka anjeun bakal pegat kahadeannana.” QS. Al-Kautsar [108): 1-3).

Ibadah kurban ieu hukumnya sunnah muakkadah. maksudna ibadah sunnah nu deukeut-deukeut kana wajib. Sabagian ulama ulama  netekaeun yen hukum kurban,  wajib keur anu mampuh, seperti ditetelakeun dina hadits riwayat Tirmidzi, kurban bisa ningkatkeun pangorbanan keur kepentingan agama Allah  sarta bias nenangkeun jiwa.

Dina meuncit kurban urang nyawang kana kajadian rebuan tahun ka pengker, yakni pengorbanan Nabi Ibrohim sinareng putrana nyaeta Nabi Ismail dina raraga ngalaksanakeun parentahan Alloh SWT, Nabi Ibrohim ikhlas tur ridho ngorbankeun putrana dipeuncit ku panangan anjeunna nyalira, nyakitu deui Nabi Ismail pasrah sumerah kalawan ikhlas ngorbankeun nyawana demi turut tumut kana parentahan Alloh SWT. Allohu Akbar, kacida agungna eta pangorbanan anak jeung bapak.

Nalika duanana (Nabi Ibrohim sareng Nabi Ismail) geus pasrah sumerah, Alloh ngagero ka Nabi Ibrohim: “Wahai Ibrohim anjeun geus ngabenerken eta impenan, saestuna Kami geus ngabales ka jalma–jalma anu migawe kahadean, saestuna eta teh jadi ujian anu nyata, jeung ku Kami ditebus eta Ismail ku gibas anu gede.”

Hadirin sidang idul adha anu mulya

Dina raraga ngamalkeun ajaran agama Islam saperti halana parentah Sholat jeng Qurban, urang kudu husnudzon ka gusti Allah Swt, hartina urang teu meunang suudzon. sabab teu aya ajaran Islam nu bakal ngarugikeun ka umatna, conto dina parentah puasa mun dilaksanakeun pasti moal madarat, sanajan ti isuk nepi ka burit henteu barang dahar. Atuh sakalieun indit-inditan atawa gering atawa aya udzur, ku Allah dibere rukhsoh supaya henteu puasa. Jadi eces pisan ajaran agama Islam teh merhatikeun kana kasalametan jiwa jeung kasehatan.  Sajaba ti eta urang sadaya kudu yakin yen tiap-tiap parentah agama pasti manfaatna bakal balik ka urang sorangan. Mun urang ninggalkeun ajaran Islam, pasti bakal rugi kacida akibatna. Keur ngabuktikeun yen parentah agama teh moal ngarugikeun pikeun ummat. Salah sahiji conto nu luju jeung Iedul Adha ieu:

Kadua, nalika Nabi Ibrohim As, ninggalkeun Siti Hajar jeung putrana nu jenengannana Ismail, di hiji lengkob nu nenggang teu aya lembur, sedengkeun Ismail harita masih orok. Nabi Ibrahim cukup ku ngadoakeun supaya kulawargana daek solat, boga akhlak nu hade, sarta dibere rizki ku Allah. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

رَّبَّنَا إِنِّى أَسْكَنتُ مِن ذُرِّيَّتِى بِوَادٍ غَيْرِ ذِى زَرْعٍ عِندَ بَيْتِكَ ٱلْمُحَرَّمِ رَبَّنَا لِيُقِيمُوا ٱلصَّلَوٰةَ فَٱجْعَلْ أَفْـِٔدَةً مِّنَ ٱلنَّاسِ تَهْوِى إِلَيْهِمْ وَٱرْزُقْهُم مِّنَ ٱلثَّمَرَٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُونَ

“Nun gusti pangeran abdi sadaya, sayaktosna abdi parantos merenahkeun sabagian turunan abdidina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanna, anu perenahna caket bumi Gusti (baitullah) anu dimulyaken. Nun Gusti pangeran abdi sadaya, mugia maranehna kersa ngaradegkeun  salat, mugia hatena jalmi-jalmi janten manteng kersa darongkap ka (tempat) maranehna, sareng mugia gusti maparin rizki ka maranehna mangrupi bubuahan, supados maranehna muji sukur. (Qs. Ibrahim[14]: 37)

Terus kanyataanna,kulawarga Nabi Ibrahim As kacida dipikanyaahna ku Allah. Ismail salamet, atuh indungna oge salamet, malah aya sumur zamzam bukti kanyaah Allah anu masih aya dugi ka ayeuna.

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ

Hadirin sidang idul adha anu mulya …….

Katilu, saparantos Ismail nincak umur baleg, Allah miwarang Ibrahim supaya meuncit putrana nu jenengan Ismail tea, tapi  kanyataannana ku Allah digentos peupeuncitannana ku domba nu badag ti jero sawarga. Dawuh Allah dina Al-Qur’an dina surat As-Soffaat ayat ka 106-107.

إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ ٱلْبَلَٰؤُاٱلْمُبِينُ
وَفَدَيْنَٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ

“Saestuna ieu teh cocoba anu tetela, jeung kami geus ngaganti manehna (Isma’il) ku peupeuncitan anu gede (domba anu lintuh).” (Qs. As-Soffaat ayat [37]: 106-107).

Sajarah ayana kurban sabab kata’atannana Nabi Ibrohim As kana parentah Allah. Dugi ka ayeuna kurban bisa dirasakeun mangpa’atna ku urang sarerea terutama keur jalma miskin.

Kaopat, mun aya kasusahan dina mancen kahirupan, pasti ku Allah bakal dibere kasenangan, ku Allah bakal leuwih loba dibere  kasenangan tinimbang kasusahan. Tapi saratna, urang kudu bener-bener takwa ka Allah swt. Dawuh Allah dina Al-Qur’an

فَإِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا
إِنَّ مَعَ ٱلْعُسْرِ يُسْرًا

“Saenyana dina kasusah (rohani) teh aya kabungah, jeung saenyana dina karipuh (jasmani) aya kasenangan.” (Qs. Al-Insyirah [94]: 5-6).

Dina dua ayat di luhur netelakeun yen saenya satiap aya kasusah pasti aya kabungah.

Terus tingali deui dina surat al-Tholaq ayat 2 dugi 3.

وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجْعَل لَّهُۥ مَخْرَجًا
وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ  وَمَن يَتَوَكَّلْ عَلَى ٱللَّهِ فَهُوَ حَسْبُهُۥ

“Sing saha anu takwa ka Allah, tanwande anjeuna ngayugakeun hiji jalan kaluar (bongbolongan) pikeun manehna. Jeung Anjeuna baris maparin rejeki kamanehna tina jalan anu heunteu disangka-sangka ku manehna.” (QS al-Tholaq [65]: 2-3)

Dina ayat al-Tholaq ieu Allah ngajelaskeun yen urang bakal dibere solusi anu sae sarta bakal dibere rejeki  anu cukup mun urang bener taqwana ka Allah swt.

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ

Hadirin sidang idul adha anu mulya …….

Kalima, mun urang gering kudu yakin yen Allah pasti bakal mere cager, sabab asalna gering oge teh ti Allah. Asal kudu rajin dumeuheus ka Allah kucara loba maca Quran, sakumaha pidawuh Allah:

وَنُنَزِّلُ مِنَ ٱلْقُرْءَانِ مَا هُوَ شِفَآءٌ وَرَحْمَةٌ لِّلْمُؤْمِنِينَ  وَلَا يَزِيدُ ٱلظَّٰلِمِينَ إِلَّا خَسَارًا

“Jeung kami nurunken tina Quran saniskara anu jadi ubar jeung rahmat pikeun mu’minin,jeung (Qur’an teh) piken anu darolim mah henteu nambahan naon-naon salian ti karugian (Qs. Al-Isro [17]: 82)

Oge pidawuh Allah dina Quran surat Al-Baqarah :147

ٱلْحَقُّ مِن رَّبِّكَ  فَلَا تَكُونَنَّ مِنَ ٱلْمُمْتَرِينَ

“Ari hak tea datangna ti Pangeran maneh, ku sabab eta maneh ulah jadi ti antara jalma nu marangmang.” (Qs. Al-Baqarah [2]:147)

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ

Hadirin sidang idul adha anu mulya …….

Cidekna di khutbah ieu nayeta:

Nu Kahiji:  Ibadah kurban ieu hukumnya sunnah muakkadah. maksudna ibadah sunnah nu deukeut-deukeut kana wajib. Dina raraga ngamalkeun ajaran agama Islam urang kudu husnudzon ka gusti Allah Swt, teu meunang suudzon, sarta kudu yakin yen tiap-tiap parentah agama pasti manfaatna bakal balik ka urang sorangan. sabab ngamalkeun ajaran Islam bakal nguntukeun sarta bakal nyalametkeun ka umatna. Saperti nu pernah ka alaman Ku Nabi Ibrahim, as.

Kadua: Nabi Ibrahim ngadoakeun kulawargana (urang sadaya) supaya daek solat, boga akhlak nu hade, malah mandar dipaparin rizki ku Allah nu langkung barokah.

Katilu: Katibanan cocoba anu tetela datangna ti Allah SWT, eta mangrupikeun ujian ti Allah SWT, kanggo ningkakeun kaiman sareng katawaan ka Manteena. Sapertos nu kalaman ku kulawarga Nabi Ibrahim, as.

Kaopat: menang kasusahan dina mancen kahirupan, pasti ku Allah bakal dibere kasenangan, ku Allah bakal leuwih loba dibere  kasenangan tinimbang kasusahan. Tapi saratna, urang kudu bener-bener takwa ka Allah swt.

Kalima: mun urang gering kudu yakin yen Allah pasti bakal mere cager, sabab asalna gering oge teh ti Allah. Asal kudu rajin dumeuheus ka Allah kucara loba maca Quran.

Lima kacindekan di luhur, luyu jeung lalakon nu ayeuna nunju karandpan ku urang sadaya  dimangsa sasalad Covid-19, anu hakekatna magrupikeun cocoba sareng ujian ti Allah SWT, kanggo ningkatkeun kaimanan jeng ka tawaan ka Manten. Urang kudu husnudzon ka gusti Allah Swt, hartina urang teu meunang suudzon. Pinuh kayakinan  yen hak tea datangna ti Allah SWT.  Dina mangsana bisa di candak deui ku Gusti Allah SWT.

 

بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنْ آيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

 

Khutbah II

اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ اَللهُ أَكْبَرُ.  اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *