Pantun dina Wanda Basa Sunda

PANTUN DINA WANDA BASA SUNDA (PAPARIKAN)

 

Seserahan Calon Penganten

Nyerahkeun calon panganten lalaki/tiasa paralel sareng ngalamar

Ka Cikijing ka Sumbawa
Kitu ning geus ilaharna
Teu jingjing teu barang bawa
Istuning alakadarna

Nyeri hulu kuat lenglengan
Katinggang ku pangpung panjang
Si jalu kabungbulengan
Ku nyai nu jangkung lenjang

Ngaritna ka Panyusuhan
Rék bari néang garapan
Arinditna rurusuhan
Acan kaburueun sarapan

Nyabutan kumis-na tipeuting
Da beurang mah euweuh eunteung
Nu sambutan lila teuing
Rombongan peuriheun beuteung

Bawal eujeung cumi-cumi
Entén bugis piubareun
Moal rék di lami-lami
Pangantén geus teu sabareun

Panarimaan ti pihak calon pangaten Awewe

Dihareupeun aya remis-kijing
Ku-Pa Lurah deuk diwadahan
Teu ngarepkeun nu dijingjing
Da puguh tos dimobilan

Mang Ihin bandar domba
Hanjakal pisan ku-cetrina
Mas kawin teu kudu loba
Asalkeun rido calon istrina

Si Nyai mawa asahan
Si Jalu maen karambol
Si Nyai tos guling gasahan
Si Jalu na can embol-embol

Dagangan tos ditemrakkeun
Janten meser song artosna
Hidangan tos disampakeun
Punten sakitu buskotsna

Sonten nyoo anak ucing
Beurang na nyoo kakapalan
Calon-Panganten teugenah cicing
Hayang geura dirahpalan

Ucapan salamet ka Panganteh sabada dirahpalan

Bujeng-bujeng ka Cikajang
Da dipegeng ku si-Aki
Wilujeng ngaleupas lajang
Sing langgeng gampil rejeki

Gumujeng nu taya hingga
Ninggali simeut dikulot
Wilujeng rarumah tangga
Sing layeut nepi ka kolot

Teu pajeng icalan togé
Isuk mah jualan patin
Wilujeng jadi carogé
Sing sugema lahir batin

Ajeng dangdan siga santri
Pamahugi ti kang Wawa
Wilujeng janten istri
Mugi-mugi sing samawa

Bujeng-bujeng jiga batur
Sanes kanten atos lengkap
Wilujeng nu kapihatur
Hapunten teu kantos dongkap

Balgonjangan saratos janten panganten

Masang antén babaseuhan
Talina mah tina hoé
Pangantén tos guling gasahan
Sémah can nyaringkah wae

Pahaji keur acara mingguan
Mang Toha keur moé manéh
Pamajikan geus nungguan
Mitoha can saré kénéh

Dianting eujeung tandukan
Tamblég jiga bangbarongan
Tipeuting saré paduduaan
Kahadé adus kabeurangan

Ka Cilcap meuli kardus
Teuing saha nu nganteurna
Ulah hilap ngaheulakeun adus
Sangkan teu keuna corona

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *