Khutbah Idul Fitri 1442 H

MANCEGKEUN KASABARAN

PIKEUN NGUNGKULAN SUMEBARNA COVID-19

Hadirin Jama’ah Sholat Idul Fitri Al-Mishsbah Rohimakumullah,

Asa cikeneh urang teh ngalaksanakeun Puasa Ramadan, taun 1441 H., padahal eta kajadian teh tos sataun kaliwat. Suka bungah nu harita sababaraha taun kaengeker, kabayang keneh tiawit nungguan tanggal hiji anu jadi kabiasaan di umumkeun ku pamarentah dugika diumumkeun nana dinten lebaran. Masih napel keneh dina emutan, kaum muslimin nyawalakeun istilah hilal sinareng rukyat, malah ditaun-taun kapengker istilah eta teh rame jadi tranding topic di sababaraha media, malah sok sering diheureuykeun ku balarea. Urang masih emut keneh kumaha bangsa urang nyambut Ramadan, acara bukber (buka bersama), tarling (taraweh keliling), tadarus, ngabuburit, mudik Idul Fitri jeung sajabana, harita rame di laksanakeun ku sadaya warga, khususna kaum muslimin-muslimat di nagara urang Indonesia.

Ti awit taun kamri Ramadan sinareng Idul Fitri 1441 H., ayeuna tos nincak Ramadan sinareng Idul Fitri tahun 1442 H. “kehah ngarobah kabiasaan” kedah benten, urang sadaya nuju di paparin musibah Pandemic Covid-19, nyebarna panyakit alatan virus corona. Pamarentah nganjurkeun “Just Stay At Home”, “Di Rumah Saja”, Di Bumi Wae. Damel di Bumi, Diajar di Bumi, Ibadah Oge kedah di Bumi, teu aya sanes tujuan-nana supados urang teu nularkeun sareng teu katularan, teu jaten madarat oge teu ngamadaratkeun. Anjuran  ieu, parantos berlaku ti kawit di umumkeun ku bapak Presiden Joko Widodo dinten Senen tanggal 2 Maret 2020, hampir tiap dinten mireng berita kasus enggal. Dugi ka dinten Rebo tanggal 13 Mei 2020, harita wae parantos mireng aya 15.438 kasus covid-19, duka sabara rebu pami dietang dugika diten ieu, Kemis ping hiji syawal 1442 H dintenan “lebaran”, ilaharna di tatar Sunda.

Hadirin Jama’ah Sholat Idul Fitri Al-Mishbah Rohimakumullah,

Dina raraga ngalaksanakeun anjuran ti pamarentah, bari di niatan ibadah ka Allah, cicing di imah teu ciling-cingcat kaditu kadieu supaya teu jadi alat nyebarna virus corona anu nuju ngawabah dina danget ieu mangga urang regepkeun sababaraha keterangan anu aya dina Al-Qur’an diantawisna:

Kahiji: ngajaga hirup jeng kahirupan eta teh tanggungjawab urang sadaya. Teu tiasa dipasrahkeun ka hiji atawa dua pihak wungkul, miara kahirupan saurang saolah-olah ganjaranna miara hirup jeung kahirupan sa alam dunya, nyakitu deui sabalikna ngorbankeun atawa nyilakakeun hirup jeung kahirupan saurang jalma diitung saolah-oleh nyilakaeun jelema sa-alam dunya. Allah SWT ngadawuh dina Al-Qur’an Surat Al-Maidah: 32, unggel Na…..

Hartosna: “Saenyana sing saha anu maehan hiji jalma lain kulantaran eta jalma teh geus maehan jalma sejenna atawa lain ku lantaran geus nimbulkeun karusakan di ieu bumi, manehna dianggap geus maehan manusa sakumna, jeung sing saha anu geus miara hirup hiji jalma, manehna dianggap miara hirup huripna sakumna manusa.” (QS Al-Maidah [5]: 32).

Eces-jentre dina ayat Al-Qur’an anu nembe Kaunggel, yen naon wae usaha urang sapertos nganggo masker, jagajarak, calik di bumi, supaya tiasa ngajaga diri jeung ngajaga anu sanes tina penyebaran virus corona-19, Mungguhing Allah SWT., mah magrupikeun ibadah kanggo nyalametkeun hirup sinareng kahuripan sa-alam dunya.

Kadua, dina kayaan/kondisi sapertos ayeuna dimana urang sadaya dianjurkeun jaga jarak sinareng nyeueurkeun calik di bumi, hakekatna mah urang teh nuju ngalaksanakeun peperangan di medan pertempuran, mung dina danget ieu musuh urang teh teu katingali secara dhohir, mung ceuk ilmu pangetahuan virus corona teh aya di lingkungan urang bahkan keur nyerang urang sadaya. Kukituna dina danget ieu urang sadaya kedah sabar malah sakedahna ngalipatgandakeun kasabaran, sakumaha Allah SWT ngadawuh dina Al-Qur’an Surat Ali Imran: 200, unggel Na…..

Hartosna: “Yeuh jalma-jalma anu ariman, masing salabar, jeung geura ngalawan ku kasabaran, geura sayaga, jeung geura tarakwa ka Allah supaya maraneh jadi jaya atawa sukses” (Q.S Ali Imran [3]: 200).

Dina ayat ieu, Allah SWT., maparin penjelasan ka urang sadaya, kumaha carana urang salaku jalma-jalma anu ariman tiasa ngahontal kasuksesan/kajayaan nyaeta: hiji kedah salabar, kadua; sabar tina gangguan anu sejen, katilu; ngalaksanakeun kataatan (nunggu sholat saatos sholat) atanapi ngajaga pos tina serangan musuh, anu kaopat; oge diparentahkeun takwa ka Mantenta (Allah SWT.).

Mushobaroh dina ayat ieu benten sareng sabar, numutkeun kasauran Syeh as-Sa’di nu dimaksad mushobaroh nyaeta dawam atanapi kontinyu dina kasabaran, oge dina raraga mayunan musuh. Lafadz ishbiru sareng shobiru ngandung makna anu beda, ishbiru nuduhkeun kana kasabaran ngan sapihak, nyaeta diri urang nyalira. Sedangkeun shoobiru nuduhkeun ayana dua pihak nyaeta sabar tina gangguan pihak sejen, misalna sabar nalika mayunan musuh.

Katilu, iyeu hal nu paling penting nyaeta calikna urang di bumi, dina raraga nyegah sareng nanggulangi sebaran virus corona anu nuju jadi wabah sa-alam dunya, mudah-mudahan tiasa nyadarkeun oge ningkatkeun kadar kaimanan urang ka Allah SWT. Dina Al-Qur’an Surat An-Nur:37. Allah SWT nandeskeun:

Pihartoseunana; ”Pirang-pirang jalma anu alatan jual-beuli jeung dagang marenehna henteu bisa poho tina eling ka Allah, tina ngadeugkeun sholat, jeung tina nyumponan zakat, anu sarieun kana hiji poe anu dina poe eta teh hate jeung tetenjoan jadi goncang” (QS. An-Nur [24]:37).

Kadangkawis salami ieu sateuacan aya virus corona-19 urang sadaya sering nganomor hijikeun dunya nganomor duakeun kapentingan akherat. Nganomor hijikeun harta, tahta sareng kakayaan dunya nganomor duakeun Allah SWT Robbul’alamin, anu ngatur sakabeh alam.

Memang urang kadang kawis, sering ngalaksanakeun amaliah kasaean ngan hanjakal amaliah urang sering teu didasaran ku ka-imanan, malah sering di dorong ku motivasi ngala kamulyaan dunya, ngudag-ngudag riya, sum’ah, gengsi ngaharep pujian ti manusa. Dina leresan ieu Allah SWT. Nandeskeun deui dina Al-Qur’an Surat Al-Furqon: 23;

Pihartoseunana; “Jeung Kami nyodorkeun saniskara amal anu ku maranehna geus dilampahkeun, tuluy Kami ngajadikeun amal-amalna jadi lebu anu mahabu” (QS. Al-Furqon [25]: 23).

Abdullah Bin Mas’ud RA kantos sasauran ka para sahabatna; “Puasa jeung Sholat anjeun lewih loba tibatan para sahabat nabi, tapi sahabat nabi tetep langkung sae tibatan anjeun. Sahabat Abdullah Bin Mas’ud naros naha kunaon bet bisa kitu: Abdullah Bin Mas’ud ngawaler: dibandingkeun aranjeun, para sahabat nabi leuwih zuhud kana dunya leuwih mikacinta akherat”.

Hadirin Jama’ah Sholat Idul Fitri Al-Mishbah Rohimakumullah,

Ngalangkungan tarbiyyah ramadon anu parantos dilaksanakeun ku urang sabulan campleng kamari, disarengan ku rupi-rupi pembatasan dina raraga pananggulangan sarta nyegat mata rante nyebarna virus corona mudah-mudahan urang sadaya tiasa janten jalmi-jalmi anu kenging kabagjaan aman salamet di dunya oge diakherat. Amin ya Allah ya Rabbal’alamin.

 

 

 

 

 

 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *